Geterna Asih nu mika asih
Wanci nu tos nganti-nganti pati
Pasini nu bakal nagih janji
Hirup hurip manunggal ngahiji
Asih anjeun-Na taya rerehna
Nyaah manteun-Na taya sudana
Mulak malik ngesian eusi hate
Sumarambah dina bayah
Nyaliara dina rasa
Ngesian fikaran ku cahaya
Seblakna sahwat
Setan gogoda nu tumpak
Iblis nyusup ngendeuk kanyaah
Ifrit nyiskudik meuni lantip
Tigin kana janjina
Sir ati suci ulah asor dina ceuli
Geuwat rungkup tewak ku panangan
Ulah saukur jadi angenan
Karasa nyatana wujud barangna
Ibarat peurih beuteungna
Am…. Dahar karasa seubehna
Ngadek sakeclasna
Sampurna sumerahna gawe bareung
Lahir bathinna, dua soca dua sampeyanna
Sampurna dua ceupilna dua panaganna
Nyanggakeun nikmat syukurna
Manunggal asih nyapurnakan sir Asih
Nyampurnakeun wujud kanyaah.
Wilujeung sonteun dulur mangga tafakur
Tapak poe iyeu urang ukur.....
Hapunteunna Hatur nuhun... RAHAYU....
Pasini nu bakal nagih janji
Hirup hurip manunggal ngahiji
Asih anjeun-Na taya rerehna
Nyaah manteun-Na taya sudana
Mulak malik ngesian eusi hate
Sumarambah dina bayah
Nyaliara dina rasa
Ngesian fikaran ku cahaya
Seblakna sahwat
Setan gogoda nu tumpak
Iblis nyusup ngendeuk kanyaah
Ifrit nyiskudik meuni lantip
Tigin kana janjina
Sir ati suci ulah asor dina ceuli
Geuwat rungkup tewak ku panangan
Ulah saukur jadi angenan
Karasa nyatana wujud barangna
Ibarat peurih beuteungna
Am…. Dahar karasa seubehna
Ngadek sakeclasna
Sampurna sumerahna gawe bareung
Lahir bathinna, dua soca dua sampeyanna
Sampurna dua ceupilna dua panaganna
Nyanggakeun nikmat syukurna
Manunggal asih nyapurnakan sir Asih
Nyampurnakeun wujud kanyaah.
Wilujeung sonteun dulur mangga tafakur
Tapak poe iyeu urang ukur.....
Hapunteunna Hatur nuhun... RAHAYU....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar