Rabu, 29 Januari 2014

PURWA CARAKA DAKSINA MANUSA

……………………. Bismillah ……………………..

Mipir-mipir asih nu diplih
Mapay kanyaah anu mubah
Ngasuh kaweuruh kapituduh
Ngasah pangawasa nu di seja

Golontorna hujan kaheman
Sanes muntang dina kahayang
Taqdir teu menang di pungkir
Kadar teu beunang disinglar

Titis tulis rabbul izzati
Sir Hiliwirna asih sang rama
Nyangreud pageuh nyaahna rasa
Keclak netes clikna nitis tatapakan

Bodasna sasalaman
Silaturahmi dingaranan
Laki rabi jadi sahna katurunan
Asal muasal kamanusaan

Kahyangan loh mahfud (pupuhjieun)
Para Hyangan manga-ruh-an pepelakan
Notos lahir jabang bayi anu suci
Suci Sir-na rasa rumasa jadi manusa

Nu teu wasa mibanda kumawasa
Hideung mahkutana akal ngarana
Beureum geutihna nyawa ngarana
Koneng kahayangna nu usik jeng malikna

Moal inggis kunu bengis
Moal lara ku sangsara komo bagja
Teu Ari nyahona asal kuring ti mana
Sadrah tumarima nya Islam ngarana

………….……… SILOKA JEULEUMA …………………..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar