Daréngékeun Nu
kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.! Jaman bakal ganti deui.
tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong
deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui
sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu
adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Mana nu paehna gagak
ngelak dina tunggul....sing jelas dedengean, masingngarti lain saukur ceunah
cek beja... gunung gede jadi angkehan...gede angkeuhan aya dina tujuh tahapan
jagat leutik. kaanggkuhan gera betus.... ulah dikekewek wae. nu bakal hemeng karasana
di jagat leutik.... sunda sucina dada ngajadikeun gede hampura..... geura
sambat silih asah silih asih silih asuh, silih pikanyaah ibarat panon rejeng
ceuli, katut irung rejeng baham, sarta panangan ngahiji ulah pakiya-kiya akal
jeng hate... jujur, bener, pinter bageur sadayana..... tangtu jaya hirupna moal
kena ku apes.... adil kana faedah masing2 anggota raga jasad tur lahir bathin....
ngumpul ngahiji teu pakiya2. Mampuh ngangonna nu eta... bisa mimpin dirina.
syiaran ku aranjeun... mangga tirakatan, tarekahan sangkan diri kisunda dipimpin
ku suci manah sewang-sewangan... tangtu moal aya papaseaan, mumusuhan…. silih
pikacinta, silih pika nyaah, silih mikaasih, silih bejaan, nu salah narima
kasalahan nana, nu beunar tangtu narima mangfaatna. laku lampah ki sunda nu
sajati.... moal iri, moal dengki, moal hasud ka sasamana.... haturan kadeudeul
sim kuring..... mugi janteun manfaat. hapunteun ka sadayana yu urang ngaheyek
dayeuh (dada yeuh)... kum... jembar rahayu. Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar